ARTIKEL
Mama Haji Sulaeman
Sumay by : Kang Warsa
Tapi, lamun nini geus cumarita, panon anu geus cepel ogé
ngadak-ngadak muka deui. Geus puguh ceuli mah direbingkeun, da hayang
jéntré ngadéngé carita ti anu jadi nini. Listrik geus aya, ngan teuing
kunaon, anu jadi aki leuwih resep maké batu batré tibatan listrik keur
ngahurungkeun radio téh.
Ti baheula, Sukabumi téh nelah kota santri. Sawaréhna ngadon
ngaréndong di masigit atawa di pondok anu diwangun gigireun masigit.
Wanci janari leutik, hawa meujeuhna tiis, simpé, anu maca Qur’an laun
ogé teu weleh kadéngé, geus puguh lamun anu macana réang mah. Zaman
kiwari mah kuring asa anéh, tong boroning jalma, dalah anu ngaranna
hayam ogé kongkorongokna téh geus teu tangtu, teuing sugan hayam geus
jarang? Meureun matak kieu ogé aya anu salah.
Ceuk nini, Ajengan anu dipikasérab, boh ku Walanda ogé ku
masarakat wewengkon Balandongan nyaéta Mama Haji Sulaeman. Anu séjén
ngomongkeun boga élmu saépi angin. Keun teu kudu dicaritakeun masalah
bisa ngaleungit atawa henteuna mah, anu puguh mah naon anu jadi kasang
tukang, Mama Haji nepi ka dipikasérab ku jalma-jalma.?
Dipikasérabna jalma sarimbag jeung élmu anu dipimilik ku éta
jalma. Ngan teu cukup nepi ka dinya, élmu anu dipimilik téh kudu
bener-bener ngajirim jadi tingkah laku anu nyata. Élmu anu dipimilik
éstu dibuktikeun ku amalan-amalan anu nyata. Lamun ceuk agama, jalma téh
kudu hormat ka sasama, meureun hormat ka sasama téh lain saukur
caritaan dina paimbaran wungkul , ogé diréalisasikeun dina réngkak
paripolah. Kaikhlasan ieu jigana anu jadi matak, nerapna élmu anu
diajarkeun ku Mama Haji ka para santrina. Kaikhlasan ieu anu jadi matak
dipikasérabna Mama haji ku balaréa.
Ceuk Walter Lippman, tindakan jalma-jalma anu ikhlas
ieu, anu bisa ngahirupkeun sumanget jalma-jalma letoy, hal anu mustahil
bisa jadi teu mustahil.Contona: asa jauh langit ka taneuh,
bangsa urang anu ngan saukur ngagunakeun bambu runcing bisa merangan
Walanda anu marawa bedil, merieum, kapal tempur, tank baja, jeung bom.
Ku kaikhlasan mah, ku ngucapkeun ALLAHU AKBAR ogé, jalma-jalma
anu teu dahar sapopoé bisa ngawujud jadi singa di médan laga. Antukna,
ceuk Lippman kénéh, lamun kaikhlasan geus jadi motivasi hiji bangsa: “Bangsa anu geus leungiteun kayakinan dina sagala hal téh bakal manggihan deui rasa percaya kana dirina sorangan.”
Lain Mama Haji Sulaeman wungkul meureun anu boga sifat éta
téh, ogé diturutan ku rahayat séjénna, sok sanajan teu saeutik meureun
dina zaman Walanda ogé aya bangsa urang anu nyokot untung tina énténg,
ngakhiatan bangsa sorangan , ngajual harga diri ka panjajah keur
kasenangan diri, kulawarga, jeung kanca-kancana. Sabab, taneuh anu
ku urang ditincak, cai hujan anu ngaguyur bumi, emas anu ku urang
dikeduk, lain warung, lain Toko, lain tempat jual beuli barang loakan.
Tapi milik Anu Maha Kawasa.
Tungtung Zaman
Dina gawir Anu lungkawing. Lamun teu boga cara pikir anyar,
geus tangtu katinggaleun ku batur anu cara pikirna aranyar. Asa
patojainyah pisan, zaman sing sarwa anyar tapi ku kuring disebut zaman
akhir. Lamun niténan sajarah manusa kalayan tenget, sabenerna, hirup
jeung sajarah manusa teu bisa dipisah-pisah, direcah kawas urang
nyiksikan daging, ti mimiti sajarah manusa aya, ti mimiti seratan
dipikawanoh ku manusa anu disebut zaman sajarah téa, nepi ka danget
kiwari kudu disajajarkeun kalawan bener. Pentingna nyayahokeun sajarah
téh lain saukur keur nambahan pangarti, tapi aya hal séjén, ku ngartina
urang kana sajarah kahirupan manusa, bakal muka diri urang, lamun zaman
ti mimiti aya manusa nepi ka danget ayeuna téh, éstu hiji mata ranté anu
teu bisa misah. Kuring kumawani nyerat, lamun zaman anu ayeuna ku urang
keur dicicingan mangrupa zaman akhir, gawir anu lungkawing, lain pédah
nyanyahoan, tapi teu leupas tina hiji kayakinan, lamun sagala anu fana
geus tangtu bakal manggih tungtung.
Tapi sing inget, da anu ngaranna kolonialisasi jeung
impérialisasi mah teu saukur dialaman ku zaman pasca révolusi industri
wungkul, kahayang manusa ngumawasa ka manusa séjénna geus lumangsung
jauh saméméh zaman modérn. Dina mangsana, manusa bakal jadi siga robot
anu aya dina hiji kotak, dikumpulkeun ku anu bogana, terus dicocoo
sakahayang manéh. Manusa ngan jadi saukur barisan data, ngaran anu
dipajang dina papan data, dipaksa sangkan nyabut jatidiri anu sajati,
urang Sunda bakal kapaksa ngaleupaskeun kasundaanna da keur ngudag batur
anu geus nyaluyukeun manéh jeung zaman. Da dina zaman akhir mah
moralitas geus moal laku. Anu laku di dieu mah nyaéta populéritas.
Hartina, pola pikir urang geus pakem, ngan saukur ngandelkeun
kognitif wungkul, atuh kusabab anu digugulung téh kognitif, geus tangtu
anu dikaluarkeun ku diri urang ogé hal anu kudu loyog jeung pikiran
urang. Lain pikiran murni, tapi pikiran anu geus dibaruang ku kaayaan.
Lain hartina kuring teu percana kana humanisme, da humanisme anu
sabenerna mah ngajarkeun lamun manusa téh sabagé puseur kakawasaan,
hirup jalma ditangtukeun ku éta jalma. Miceun hal-hal anu métafisik tina
kahirupan.
Kusabab kognitif anu digugulung jeung diajén-ajén, balukarna
anu diajén-ajén, diadén-adén, diménak-ménak téh lain saukur eusi sirah,
tapi raga badag anu katénjo wungkul, lahiriah anu karampa. Titél anu
nyantél, status sosial, jeung jabatan anu jadi ukuran manusa boga harkat
di hareupeun manusa séjénna.
Toffler bisa jadi hiji jalma anu boga kayakinan, lamun
hirupa manusa téh bakal salilana ngajurus kana kamajuan. Da anu
ngaranna ngaramalkeun mangsa ka hareup mah hiji hal anu mustahil. Lamun
manusa geus dialeutkeun ngan saukur barisan data anu minuhan papan data,
computer, robot bari teu boga haté, anu bakal digugulung téh kumaha
carana ngéléhkeun anu séjén. Pasanggiri anu dimeunangkeun ku agama ngan
saukur tina kaalusan, tapi lamun haté geus dicabut tina kahirupan,
pasanggiri anu lumangsung nyaéta, kumaha carana sangkan urang anu
meunang sorangan, dina éléhna ogé urang moal narima.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar