Kamis, 13 Februari 2014

Sajak Sunda Nu Gaya na

LA ILLA HA ILALLAH

Ayeuna mah ayeuna lain isuk lain baheula
te kudu nineng kanu tileum, ulah melang kanu can datang
       LAA MAWUJUDA ILLA ALLOH
Der pigawe cing hade
lain diditu lain didinya, tapi didieu
      LAA MA'BUDA ILLA ALLOH
Naon nu diteang, saha nu dituju
ulah kamana mana ulah kasasaha
      LAA MAKSUDA ILLA ALLOH
Abdi ayeuna didie kieu LAA ILAHA ILLA ALLOH


KARUMASA

                        : Sungsian…..! *)
Kuring teu keur nyieun pitapak
Satemenna
Ieu kuring
Purnama nu tuna cahaya
Geus ngiwat kalangkang giwangkara
Sangkan peuting teu hideung teuing
Jeung sulintang  boga batur keueung
Jeung walungan teu leungiteun kamalir
Jeung anjeun laksana ngarampa karadak
Hirup kuring.


SAJAK WADUL


Laju wadul
Saban tas ngawadul
Murudul wadul
Tuluy tumuluy
Silih ungkulan wadul jeung wadul

Jangji wadul, sumpah wadul, kasaksian wadul
murudul nutupan sajatining wadul



NU JARADI KORBAN **)


réa nu geus jaradi korban
kasawenangan kakawasaan
teu saeutik nu jaradi korban
katelengesan kasarakahan

nu leutik pating jarerit
nu héngkér pating kocéak
leungiteun
leungeun puntangeun
leungiteun
suku tuturkeuneun

saha nu baris jadi korban

LALAKON

ngalenyepan rēngkak jeung rēnghap
nu ngabarak dina saban padalisan mangsa
sawilet
sawilet
ngalakay nedunan papastēn
mumbul ka alak paul, ngēlēk nasib sēwang-sēwang
muru tungtung waktu nu can tēmbong bungkeuleukna

lambaran catetan nu karahaan
nu nembrak, nu nyamuni, nu nyaliwang
ririaban diayun ambing angin wanci

pirang-pirang lalakon
pirang-pirang papagon
pirang-pirang papalayon
pirang-pirang guguyon
pirang-pirang cipanon
pirang-pirang tandon
pirang-pirang layon
pating kalayang luhureun palalangon implengan
ngawang-ngawang ngajomantara di mēga malang
jadi reueuk, jadi angkeub, jadi girimis,
ngepriskeun karumasa kana sarakan rasa nu lawas saat

ras kana tangtungan nu wawayagon
ras kana kurungan nu teu pageuh tetekon
ras kana udagan nu mingkin jauh tina tatapakan
ras kana itungan nu teuing geus tepi ka mana teuing kari sakumaha.
kaégoisan
kamunapékan
kateudayaan
kateusurtian
kabalangahan

saha nu baris mawa korban

Tidak ada komentar:

Posting Komentar